Breaking

Kalimah Babasan

Kalimah Babasan nyaéta pakeman basa anu geus matok, boh ungkarana boh hartina. Babasan ungkarana pondok, umumna ngan diwangun ku dua kecap, sarta ngandung harti injeuman.
(Ungkapan adalah pakeman basa yang sudah terpatok, baik itu bentuknya maupun artinya. Ungkapan bentuknya pendek, umumnya dibangun oleh dua kata, serta mengandung arti pinjaman).

Ciri –cirina:
1. Babasan mangrupa babandingan ngeunaan kaayaan, pasipatan, sarta nasib jelema jeung sabudeureunana.
(Babasan berupa perbandingan mengenai keadaan, sifat, serta nasib seseorang dan semisalnya.)
2. Babasan mangrupa frasa atawa kecap kantétan anu ngandung harti injeuman, lain harti sabenerna.
(Babasan berupa frasa atau kalimat penghubung yang mengandung arti pinjaman, bukan arti sebenarnya.)
3. Babasaan heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun.
(Babasan tidak bisa diubah, dikurangi, dilebihkan, atau dihaluskan.)

Papasingan babasan diantarana waé:
(Bagian-bagian babasan diantaranya:)

a. Anu dipaké babandingan sasatoan
(Yang dipakai pembandingan binatang)
Contona:
1) Beuteung anjingeun
hartina, beuteung jalma anu leutik, dipapandékeun kana beuteung anjing
(artinya, perut orang yang kecil, disamakan dengan perut anjing.)

2) Hulu peutieun
hartina, leutik sirah, heunteu sabanding jeung awakna, dipapandekeun kana peuti nya éta kutu munding, anu huluna leutik.
(artinya, kecil kepala, tidak sebanding dengan badannya, disamakan dengan kepalanya itu kutu kerbau, yang kepalanya kecil.)

3) Kokolot begog
hartina, budak nu sok pipilueun kana urusan kolot atawa omonganna kawas kolot, dipapandékeun ka anak monyét (begog = anak monyét nu keur meujeuhna bangor)
(artinya, anak kecil yang suka ikut-ikutan ke urusan orangtua atau bicaranya seperti orangtua, disamakan seperti anak monyet (begog = anak monyet yang lagi sedang bandel.)

b. Anu dipaké babandingan tatangkalan jeung bungbuahan
(Yang dipakai pembandingan pepohonan dan buah-buahan)

Contona:
1) Kawas beubeulahan terong
hartina, sakarupa pisan siga nu kembar
(artinya, serupa sangat seperti yang kembar.)

2) Pucuk awian
hartina, teu panceg pamadeganana, dipapandékeun kana pucuk awi anu luak léok katebak angin.
(artinya, tidak kuat tancapannya, dikiaskan ke pucuk kayu yang belak-belok ke tiup angin.)

3) Héjo carulang
hartina, dilarapkeun kana kulit jelema anu konéng semu héjo, dipapandékeun kana jukut carulang anu daunna héjo ngémploh semu konéng.
(artinya, diterapkan ke kulit orang yang kuning kehijauan, dikiaskan ke rumput yang daunnya hijau .)

4) Siga cai dina daun taleus
hartina, teu panceg pamadeganana
(artinya, tidak kuat tancapannya)

c. Anu dipaké babandingan barang
(Yang dipakai perbandingan barang)

Contona:
1) Gurat batu
hartina, kukuh, teu babari ngarobah omongan anu geus diucapkeun, dipapandekeun kana urat – urat dina batu, sabalikna tina gurat cai.
(artinya, kuat, tidak sekedar berubah pembicaraan yang sudah diucapkan, dikiaskan ke urat-urat di batu, sebaliknya dari corak air.)

2) Sari gunung
hartina, dilarapkeun ka awéwé anu katingali geulis ti kajauhan tapi ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha geulisna, dipapandekeun kana gunung anu katénjo éndah ti kajauhan padahal rembet ku kakayon.
(artinya, diterapkan ke wanita yang terlihat cantik dari kejauhan tapi kalau dari jarak dekat tidak seberapa cantiknya, dikiaskan ke gunung yang terlihat indah dari kejauhan padahal tertutup oleh kayu-kayuan.)

3) Kawas pérah bedog rautaneun
hartina, dilarapkeun ka jalma anu goréng patut pisan, dipapandékeun kana pérah bedog anu can jadi.
(artinya, diterapkan ke orang yang sangat jelek, dikiaskan ke kerak golok yang belum jadi.)

Baca juga: Pakeman Basa

d. Anu dipaké babandingan awak
(Yang dipakai perbandingan badan)

Contona:
1) Gedé hulu
hartina: sombong, adigung (artinya, sombong, takabur)\

2) Béngkok tikoro
hartina, teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran béakeun atawa telat datangna.
(artinya, tidak kebagian makanan istimewa karena kehabisan atau telat datangnya.)

3) Panjang leungeun
hartina, daék cocokot, jalma tukang ceceremed.
(artinya, mau mengambil, orang yang suka mencuri.)

4) Bujur aseupan
hartina, jalma nu teu da̩k cicing diukna, pindah Рpindah wa̩.
(artinya, orang yang tidak mau diam duduknya, pindah-pindah terus.)

5) Beurat birit
hartina: jalma nu hésée dititah (artinya, orang yang susah disuruh)

6) Hampang birit
hartina, jalma nu daékan di titah. (artinya, orang yang mau di suruh.)

7) Amis daging
hartina, jalma nu sok babari borokan. (artinya, orang yang suka luka.)

8) Amis budi
hartina, jalma nu soméah. (artinya, orang yang baik hati)

9) Buntut kasiran
hartina, korét (artinya, pelit)

10) Kolot sapeuting
hartina, kolot euweuh kanyaho (artinya, tua tidak ada pengetahuan)

11) dulang tinandéa
hartina, awéwé mah kumaha lalaki (artinya, wanita bagaiman laki-laki)

12) kawas aul
hartina, ciciduh atawa sok cumiduh (artinya, meludah atau suka meludah)

13) dibeuweung diutahkeun
hartina, dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu dimaksud.
(artinya, dipikir dibulak-balik disangka kena ke yang dimaksud.)

14) nyalindung ka gelung
hartina, ngandelkeun usaha pamajikan (artinya, mengandalkan usaha pasangan (suami/istri))

15) ngadu angklung
hartina, paréa-réa omong nu taya gunana (artinya, saling banyak bicara yang tidak ada gunanya)

e. Anu dipaké babandingan jelema atawa tokoh kasohor
(Yang dipakai perbandingan orang atau tokoh terkenal)

contona:
1) Kawas rama jeung sinta
hartina, pasangan anu kasép jeung geulis, dipapandékeun kana tokoh wayang Ramayana.
(artinya, pasangan yang ganteng dan cantik, dikiaskan ke tokoh wayang Ramayana (Rama dan Sinta).)

2) Kawas dongéng si boséték
hartina, gunta Рganti aturan tapi taya parobahanana, dipapand̩keun kana dong̩ng anu tokohna si Bos̩t̩k, jalma anu loba aturan tapi taya kamajuan.
(artinya, sering berubah aturan tapi tidak ada perubahan, dikiaskan ke dongeng yang tokohnya si Boséték, orang yang banyak aturan tapi tidak ada kemajuan.)

3) Mangrupa kecap kantétan anu murwakanti
(Serupa kalimat penghubung yang mirip)
1) Awét rajét
dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi réa pacéngkadana.

2) Pinter kabalinger
hartina, ongkoh cenah pinter tapi beunang katipu ku batur atawa nyieun aturan anu teu bener.
(artinya, katanya pintar tapi kena ketipu oleh orang lain atau membuat aturan yang tidak benar.)

3) Jelema cepet bener
dilarapkeun ka jalma anu jujur, bener, tara linyok bohong.
(diterapkan ke orang yang jujur, benar, tidak suka bohong.)

Referensi:

Wiwin Widianingsih, Pakeman Basa, 2015, gaduhurangsunda.blogspot.com

1 comment:

Powered by Blogger.